Cari Blog Ini

Kamis, 06 September 2012

Pidato Sunda

PIDATO BAHASA SUNDA


Bahasa sunda
Assalamua’laikum Wr. Wb.
Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.
Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang. BisPara wargi sadayana,
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.
Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a.Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa surat al-fatehah di haturanan.
Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata titi,undak unduk basa, hapunten anu di teda. Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah
Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb
__________________________________________________________.


Assalamu’alaikum Wr. Wb
Nu terhormat Bapak kepala sekolah, Ibu / Bapak Guru sareng rarencangan nu abdi cintai.
Pertama-tama Haya urang panjatkeun puji jeung syukur kanggo ilahi robby sareng hidayahna,
Urang sadayana tiasa ngumpul di acara ieu.
Di kasempatan ayeuna abdi bade ngucapkeun hatur nuhun nu tos di pasihan kasempatan tos tiasa.
Pidato nu bade abdi bacakeun nya eta tentang kabersihan lingkungan.
                Sapertos nu urang terang, mun ngalewatan walungan - walungan caina tos kaceman ku sampah jeung limbah masyarakat. Mun terus cicingkeun seperti eta walungan bisa kotor jeung bisa nyebabkeun banjir. Masyarakat sering pisan ngabuang sampah ka walungan padahal manehna nyaho mun ngabuang sampah sembarangan dampakna ageing.
Ieu ngan salah sahijidampak tina teu ngajaga “ Kabersihan Lingkungan” seueur dampak dampak nu lainya akibat teu ngajaga lingkungan. Alangkah benerna urang sadaya ningali diri urang sorangan ti mimiti, entos acan urang ngajaga lingkungan ?
Mun jadi jelema kudu namah urang ngajaga lingkungan di sakitar urang, kabiasaan ieu kudu urang terapkeun di sakola, amih sakola jadi nyaman, sehat jeung seger. Mun ngajaga kebersihan Sakola moal aya deui sampah ana nu bisa ngaganggu kanyamanan kagiatan, salain eta sampah bisa nyebabkeun panyakit sebab seueur bakteri.
Sabenerna seueur cara kangge ngabersihkeun lingkungan di antaranya nya eta, Anu kahiji, mun ngabuang plastik atawa bungkus bungkusan ka tempat sampah, amih sampah teu kamana-mana, terus ngadamel jadwal piket jeung ngabersihan ruangan kelas amih kelas unggal dinten rapih jeung bersih. Sebab ayana kegiatan eta tiasa ngabiasakeun mahasiswa ajang ngajaga kabersihan sakola. Sebab mun lain urang nu ngajagalingkungan saha deui ?
Sakita pidato ti abdi, di hampuraan mun aya kasalahan ti pidato abdi, samoga rerencangan sadaya tiasa ngabrasakeun diri ngajaga kabersihan lingkungan.
Wassalamualaikum Wr.Wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar